trans-9859

Angin Kaler jeung Panonpoe

Book TitleAesop Language Bank
Publication Date0
ATU298
LanguageSundanese
OriginGreece

Angin kaler jeung panonpoe keur pasea ngeunaan saha nu pangkuatna pas saurang musafir nu make baju haneut datang. Maranehna satuju saha anu bisa nyieun si musafir muka baju haneutna dianggap nu leuwih kuat ti nu sejen. Tuluy Angin Kaler niup sakuatna. Ngan beuki kuat manehna niup, beuki pageuh si musafir makekeun baju haneut ka awakna; nepikeun tungtungna Angin Kaler taluk. Tuluy Panonpoe moncorong haneut pisan, saharita keneh si musafir ngalaan baju haneutna. Kusabab kitu Angin Kaler kudu daek ngaku yen Panonpoe anu leuwih kuat diantara maranehna.


Download XMLDownload textStory